Mengenai Saya

Foto saya
Hello !! My name is Hana Rosnawati. You can call me by Hana or Hanoy. I study at UNAS PASIM Bandung, Indonesia. You can contact me at hny.h4na@gmail.com . Thanks !

Kamis, 08 Desember 2016

Ultah HB

cuang tatarucingan yeuh nya, mun aya nu bisa ngajawab bener, tiasa ngaemam kurupuk ieu,,


Abek, “Xvan, ari ban mobil aya sabaraha hiji?”
Axvan, “Nya opat atuh.”
Abek, “Heueuh. Mun mobil keur mundur, ban mana nu teu muter?”
Axvan, “Nya kabéh gé muter atuh.”
Abek, “Aya nu teu muter Tra.”
Axvan, “Ban naon?”
Abek, “Ban sérep.”
Iim Hilman, Jl. Otista, Gg. Mawar No. 905, Subang (Mangle No. 900).


Hana, “Xvan, naon sababna jelema mun digeroan sok ngalieuk?”
Axvan, “Da bogaeun beuheung atuh, Tang.”
Hana, “Salah ah.”
Axvan, “Ku naon atuh?”
Hana, “Sabab jelema mah teu maké … kaca spion.”
Dede Moh. Djamal, SMPN Rancaekek Kls 3 A, Jln. Raya Rancaekek, Bandung (Mangle No. 899).


Nah ieu mah khusus kanggo starcrew nya..
Abek, “Boga duit sarébu kacokot lima sén, naon basa Cinana?”
SC, “Kacocéng.”
Hilman Kawinata, Siswa SGON, Kuningan. (Mangle No. 792).


Axvan, “Coba teguh Bek. Hulu Hawuan, Buntut Huntuan?”
Abek, “Ah teu asup akal tarucing téh. Taluk ah.”
Axvan, “Huh dasar otak udang. Nu udud padudan.”
Mamat A.S., Kam. Binawarga RT 08/II, Kalijati Timur, Subang. (Mangle No. 910).


Axvan, “Na, ditoél ku curuk ngadelewo, ditakol ku palu beusi ngabelentrang, naon cing?”
Hana (ngahuleng), “…teuing, ah.”
Axvan, “Tikotok dina tihang listrik…”
Usep Sudjati, Jln. Dr. Muwardi No. 155, Cianjur. (Mangle No. 891, 26 Mei- 1 Juni 1983).




 tah n ieu jawab cing
1. Maké baju bodas lain dokter, make topi héjo lain tentara. Naon?
2. Hayam naon anu sukuna sarébu?
3. Diubek ditéangan, geus kapanggih dipiceun. Naon?
4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan?
5. Sato naon anu teu bisaeun mundur?
6. Bangku naon anu bisa didahar?
7. Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar, sakali nyebut!
8. Batu naon anu teu aya di cai?
9. Oray naon anu teu bisaeun ngaléor?
10. Jalma naon nu sukuna tilu panonna opat?
11. Di luar konéng, di jero bodas, nu apaleun monyét.
12. Hayam naon anu sukuna hiji?
13. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik.
14. Gajah tumpak béca, gedé naonna?
15. Baso dibalikkeun jadi naon?
16. Awakna leutik pisan, sirahna gedé pisan.
17. Nini-nini bongkok kumaha saréna?
18. Piring naon anu bisa dipaké nempo bulan?
19. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku?
20. Naon sababna ban mobil tina karét?

1 komentar:

  1. 1.Suster,.Anak tentara keur ngoprek baret bapana.
    2.Hayam lima ratus komplit.
    3.Alat Pembayaran yang Sah.
    4.Kusabab teu bisa Maen ski Air na mobil.
    5.Keuyeup.
    6.Bangku (Avatar the Legeng of) Ang.
    7.BUAHHHHH.
    8.Batu Meteor,Batu hajar Aswad,Batu di Darat.
    9.Titinggi.
    10.Nu Geulis ngan geus 80 taun leuwih hirup keneh mun Di Indonesia.(nenek-nenek pakai tongkat,dan pakai kacamata.)
    11.Ka (cAU)
    12.Suku hayam hiji(Langkung enak Upami paha tos di Goreng ngangge tepung Bumbu siga dina tipi).
    13.Keluarga sulit. maksud teh upami tatarucingan mh kareta.
    14.Gede Becana.Tapi Biasa ngaiarawab mh Gede Bohong na.
    15.Teu jadi di galeuh. Eh bahe mun dina mangkok mh jeung tos di emi an nganggo kuah na kuah Sapi pan lebar tah.
    16.LUV,eh teuing.
    17.Peureum.
    18.Piring Bolong.
    19.Manuk meunang ngarakit Otak nu nanya.
    20.Setum tina Beusi Bana TAPI sanes motor?. Mun Tina Tahu Ban Mobil meuni wararaas meureun nya? hehe




    BalasHapus